https://hasanahhalima.blogspot.com

Tampilkan postingan dengan label puisi Sunda. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label puisi Sunda. Tampilkan semua postingan

Senin, 09 Agustus 2021

Taun Anyar_TeleleT

 


TAUN ANYAR

E. Hasanah


Teu karaos ayena taun anyar

Sujud syukur ka gusti nu maha akbar

Nikmat dunya terutami badan nu cenghar.


Ras ka diri nu loba ku tuna

Bet mempar tina aturanna

Agama teu acan sampurna

Darigama komo loba lalina.


Ras ka raga nu harita tanginas

Awak hampang jagjag waringkas

Panangan parigel tetenjoan bengras

Ayena kari nyawang mangsa anu lawas

Bet hate nyeredet ku rupa gupay kawaas


Mapay itungan teu karaos yuswa nambahan

Sesa jatah hirup pasti ditangtosken ku pangeran

Nyawang kaendahan dina lakon nu bakal karandapan 

Raga ngamimitian surti dina umur nu beuki ngurangan

Saban lengkah ngajugjug tungtung pangumbaraan

Sabari nitenan sagala rupi anu cenah tuntunan.


Gusti gening loba tikosewad tina pagu tatanan

Lampah anu hade bet loba teu kacumponan

Pangaweruh nu katarima teu kabadanan

Loba kawates ku tunana kamampuan

Aya niat seja meaken panasaran.


Saayat nu mawa hate kagagas

Ngerem hate nu bangblas

Tina kalakuan nu bablas

Mugi ngajagi tina labas.


Ngajerit Allahu akbar

Mundut ka nu maha benghar

Ampunan ridho dina taun anyar.


Sukabumi, 1 Muharam 1443 H.


Minggu, 21 Februari 2021

Basa Indung

 Basa Indung

Ehasanah675@gmail.com

 

Wanci janari
Sesa hariring wengi
Dibarung hiliwir angin anu surti
Gupay pucuk daun hui
Matak waas marengan ati
Duh gusti bimbing abdi

Lalakon kumelandang di lemah cai
Horeng jauh ninggalken tali paranti
Hampura gusti upami abdi lali
Lalampahan mempar tina atikan umi

Saban poe dimumule di bumi
Basa sunda nu biasa nyari
Ayena ganti jari diri
Ilang dina basa sasari

Wilujeng nganggo bahasa indung
Anu ngawitan mimiti pundung
Ninggalken tali paranti nu luhung
Hayu jagi bahasa indung

 

Jumat, 19 Februari 2021

Talatah

 Talatah

ehasanah675@gmail.com



        Angin ... kuring talatah
        Tepiken harewos manah
        Nu pinuh sono jeung katugenah
        Ka anjenna  nu atos jauh ngalengkah

        Kuring nineung ku deudeuhna
        Misono geugeut taya kendatna
        Miasih teu bisa disapih
        Mikanyaah salawasna

        Kadang ngananaha rasa
        Ku naon hate teu rumasa
        Kalah ngalanglayung makin rosa
        Padahal diantep dina lambaran mangsa

Siap Asesmen Madrasah

 ASESMEN MADRASAH TP 2023-2024         Di bawah ini disajikan prosedur operasional standard (POS) asesmen madrasah tahun pelajaran 2023-2024...