Senin, 09 Agustus 2021

Taun Anyar_TeleleT

 


TAUN ANYAR

E. Hasanah


Teu karaos ayena taun anyar

Sujud syukur ka gusti nu maha akbar

Nikmat dunya terutami badan nu cenghar.


Ras ka diri nu loba ku tuna

Bet mempar tina aturanna

Agama teu acan sampurna

Darigama komo loba lalina.


Ras ka raga nu harita tanginas

Awak hampang jagjag waringkas

Panangan parigel tetenjoan bengras

Ayena kari nyawang mangsa anu lawas

Bet hate nyeredet ku rupa gupay kawaas


Mapay itungan teu karaos yuswa nambahan

Sesa jatah hirup pasti ditangtosken ku pangeran

Nyawang kaendahan dina lakon nu bakal karandapan 

Raga ngamimitian surti dina umur nu beuki ngurangan

Saban lengkah ngajugjug tungtung pangumbaraan

Sabari nitenan sagala rupi anu cenah tuntunan.


Gusti gening loba tikosewad tina pagu tatanan

Lampah anu hade bet loba teu kacumponan

Pangaweruh nu katarima teu kabadanan

Loba kawates ku tunana kamampuan

Aya niat seja meaken panasaran.


Saayat nu mawa hate kagagas

Ngerem hate nu bangblas

Tina kalakuan nu bablas

Mugi ngajagi tina labas.


Ngajerit Allahu akbar

Mundut ka nu maha benghar

Ampunan ridho dina taun anyar.


Sukabumi, 1 Muharam 1443 H.


6 komentar:

  1. Bagus banget bund,meski menebak2 artinya😀

    BalasHapus
  2. Maasya Allah ku sae pisan teleletna. Mantaaap surantaap. Dina Bahasa Sunda langkung euyeub ku kecap2 anu ngandung rima nya Bu?

    BalasHapus
  3. Kumaha ieu...
    Bagus sekali... sayang, tak megerti satu per satu kata-katanya. Sukses teleletnya. Inspiratif.

    BalasHapus
  4. Bagus banget Bu walau menerka2 artinya

    BalasHapus

Siap Asesmen Madrasah

 ASESMEN MADRASAH TP 2023-2024         Di bawah ini disajikan prosedur operasional standard (POS) asesmen madrasah tahun pelajaran 2023-2024...